
ieu haiku
judulna gurat batu
geura regepkeun
nyieun haiku
bari jeung gurat batu
asa mo metu
Haiku aing
haiku gurat batu
kumaha aing
Nu sok disebut
Jelema gurat batu
bener sorangan
Si gurat batu
dititah saban waktu
cadu ngagugu
Tapi manehna
lamun seug tutah-titah
kudu digugu
Nu kasebut
mangkeluk gurat batu
hese dicawad
gurat batu teh
sok asa pang aingna
sa alam dunya
Cadu diwarah
komo dipapatahan
si gurat batu
Gurat batu mah
tara parok jeung batur
hirup nyorangan
si gurat batu
sakapeung peupeuleukeuk
kadang ngabueuk
jalma egois
ngaranna gurat batu
hatena teuas
gurat jeung batu
heurasna siga cadas
tareuas naker
Embung dikritik
ngaranna gurat batu
dasar belegug
Jadi jelema
ulah sok gurat batu
bisi dicacag
Yeuh dengekeun
aing si gurat batu
tong lalawora!
Persib nu aing
maung nu Pa Koramil
garurat batu
Persib nu aing
maung nu Siliwangi
Si Kakang Prabu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan berkomentar