“Ini haikuKu mana haikuMu”.

Senin, 08 Desember 2014

Haiku Berbahasa Sunda

| No comment

Maman Widia

 
Babakan madang
Kadinya kuring jalan
Neang kamelang


jauh ti kampung
inget ema jeung bapa
oge baraya


Di cisarua
Keur usum hujan pisan
Hate na tiis


Peuting nu jempling
Sumirat bulan poek
Nambah kamelang


jauh ngumbara
Nuturkeun indung suku
Miceun kasusah


Miceun kasono
Kuris nyerat puisi
Neundeun ka emut


Di katulampa
Kapendak saling teuteup
Teras papisah


Taneuh pakuan
Loba carita pisan
Jaya na sunda


Angin priangan
Anu mawa carita
Pinuh kasedih


Dikota bogor
Hujan na turun gede
Dugi ka banjir


Basa dilembur
Anjeun kungsi nyarita
Erek papisah


Dipilemburan
Tempat niiskeun hate
Miceun karudet


Halimun peuting
Dilembur nambah keueung
Kuring sorangan


Ras inget anjeun
Cumarita kasedih
Disisi kebon


Kiwari anjeun
Tebih ka panineungan
Ngumbara lila


Ceuk beja salira
Loba helas nalangsa
Taya kanyaah


Kuring dilembur
Ukur mampuh ngawur du'a
Mugi tawekal


Tags :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar